Sabtu, 19 September 2015
Duriat Pegat Detty Kurnia Karaoke Tanpa Suara
Bumi nu anjeuna
Langit nu anjeuna
Sapangeusi alam dunya
Mungguh kersaning anjeuna
Tur sagala mahlukna
Kaleubet urang sadaya
Teu aya nu jadi kajaba
Eta kagungan anjeuna
Jodo nu anjeuna
Pati nu anjeuna
Susah senang lara bagja
gumantung kana kodratna
Kitu deui jodo urang
Kapan kahayang mah manjang
Buktina geuning papeugat
Najan kabeungkeut duriat
Ya Alloh...
Mugia abdi sing kiat
Dina nampi ieu kodrat
Panginten ieu tos gurat
Duriat keudah papeugat
Abdi pasrah hamo nolak
Ya Alloh...
Abdi panjeug kayakinan
Salira nu maha rohman
Tangtos aya kasaean
Sagedangeun
Kapeurihan
Ya Alloh...
Salira nu murben alam...
Jodo nu anjeuna
Pati nu anjeuna
Susah senang lara bagja
gumantung kana kodratna
Kitu deui jodo urang
Kapan kahayang mah manjang
Buktina geuning papeugat
Najan kabeungkeut duriat
Ya Alloh...
Mugia abdi sing kiat
Dina nampi ieu kodrat
Panginten ieu tos gurat
Duriat keudah papeugat
Abdi pasrah hamo nolak
Ya Alloh...
Abdi panjeug kayakinan
Salira nu maha rohman
Tangtos aya kasaean
Sagedangeun
Kapeurihan
Ya Alloh...
Salira nu murben alam...
Ya Alloh...
Salira nu murben alam...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar